Nabi Ibrahim lami ngadoa supados dipaparin anak soleh:
رَبِّ هَبْ لِي مِنَ الصَّالِحِيْنَ
“Ya Allah, paparin abdi anak anu saleh.” (QS. Ash-Shaffat: 100)
Nalika Ismail parantos remaja, turun parentah pikeun nyembelih putrana:
فَلَمَّا بَلَغَ مَعَهُ السَّعْيَ... (QS. Ash-Shaffat: 102)
Ismail ngajawab kalawan pasrah sareng taat:
افْعَلْ مَا تُؤْمَرُ
“Pigawe we naon anu diparentahkeun.”
Tapi Alloh ngagentos Ismail ku sembelihan nu ageung:
وَفَدَيْنَاهُ بِذِبْحٍ عَظِيمٍ (QS. Ash-Shaffat: 107)
Di dieu urang tiasa nyonto kapasrahan sareng kaimanan Nabi Ibrahim jeung Ismail.
Hikmah Kadua: Solidaritas Sosial
Kurban oge ngajarkeun rasa sosial, rereongan, jeung silih pikanyaah:
مَثَلُ الْمُؤْمِنِيْنَ فِى تَوَآدِّهِمْ...
“Kaum mu’min téh saperti hiji awak; lamun hiji bagian gering, nu séjén ogé ngarasakeun.”
Ku sabab eta, daging kurban sakuduna disalurkeun ka nu perelu, kaasup saudara-saudara urang di Palestina atawa korban bencana. Bisa ngalangkungan lembaga-lembaga nu amanah.
Hikmah Katilu: Sumanget Pangorbanan
Sumanget pangorbanan téh penting, boh keur agama, bangsa, atawa kahirupan sapopoe. Contona, para pajuang bangsa bisa ngarebut kamerdekaan ku sabab daek berkorban.